Sisindiran Urang Sunda : Silihasih

Ka basisir pelesiran
Pelesiran jeung nyi randa
Hayu urang sisindiran
Sisindiran Urang Sunda

Cikaracak ninggal batu
laun-laun jadi legok
Lamun rek neangan mantu
Cenah hayang kanu denok

Kuring dahar arumanis
Arumanis nu kamari
Saha itu anu geulis
Singhoreng kabogoh abdi

Abdi calik dina bangku
Bangkuna coklat warnana
Euleuh akang ngaku-ngaku
Kenal ge karek ayeuna

Ka Bandung ka Rancaekek
Ka Sumedang meuli tahu
Lamun enya nyai daek
Hayu urang ka panghulu

Ka Sumedang meuli tahu
Geuning tahu rasa amis
Abdi kersa ka panghulu
Tapi sareng akang Kumis

Kang kumis meuni kilimis
Kilimis ku cai hujan
Deudeuh teuing anu geulis
Kang Kumis atos buntutan

Ka warung rek meuli toge
Tapi teu aya artosna
Wios ah buntutan oge
Nu penting seueur artosna

Buah sirsak buah salak
Dirujak jeung jambu mede
Pantesan akang ditolak
Singhoreng nyai teh matre

0 Comments

Post a Comment